PASIGARAN
Alam endah…, alam
parahyangan wewengkon pasundan.
Parentul
gunung-gunung, ngemplak pasawahan paselang jeung pasir dipapaes wahangan jeung
dataran sampalan.
Hirup kumbuh
masarakat sunda anu someah hade kasemah bari gugon tuhon kukuh pengkuh kanu tetekon
para karuhuna.
Dumasar kanu Surat
Keputusan Bupati Kepala Daerah Tingkat II Sumedang Nomer : 140/SK/19 Pem/1983
tanggal 22 Januari 1983, mimiti medal ngadegna Desa Pasigaran Kecamatan
Tanjungsari Kabupaten Sumedang mangrupakeun pamekaran ti Desa Gudang.
Desa Pasigaran
perenahna sakalereun Ibu Kota Kecamatan Tanjungsari kurang leuwih 4 km.
Wilayahna ngawengku ti Pasir Salam nepi ka Cikole legana wilayah aya 284 hektar.
Wawatesanana :
Lebah kaler, Desa
Kadakajaya
Lebah wetan, Desa
Gudang jeung Desa Sukawangi
Lebah kidul, Desa
Gudang jeung Desa Margaluyu
Lebah kulon, Desa
Margaluyu jeung Desa Sukasari
Desa Pasigaran
kaliwatan jalan anu jadi tatalimarga warga nyaeta Jalan Cijambu anu brasna ka
Desa Kadakajaya jeung Desa Cijambu anu perenahna aya di suku Gunung Kadaka.
Wahangan anu
ngaliwatan Desa Pasigaran nyaeta Wahangan Cipeles anu mangrupakeun hulu wotan Walungan Cipeles nu meulah Kota Sumedang
langsung ngagabung ka Cilutung . Wahangan Cigarut anu bras ka Wahangan
Cisumengka ngarupakeun hulu wotan Wahangan Citarik tuluy nyambung ka Citarum.
Pasawahan, padumukan
paselang lahan tegalan kebon lahan tatanen warga anu jadi sumber kahirupan,
kebon awi ngemploh hejo mapaesan dibarengan ku lamping pasir lengkob jeung
padataran.
Wewengkon kampung anu
ngawengku Desa Pasigaran : Karanganyar, Talun, Lebak Peutag, Lebak Biru,
Pasigaran, Babakan Tonjong, Jami, Tonjong, Cipulus jeung Pasir Salam ditambah
Kampung Babakan Sukarasa pamekaran ti Kampung Jami margi rada-rada anggang kanu
sejena.
Hawa rada-rada sedeng
ngarupakeun hiji daya tarik pikeun bebetah di Pasigaran, kukamajuan
pangwangunan anu dilaksanakeun cai beresih walatra kamanpaatkeun warga,
ngemprayna caang lampu listrik nyaangan Pasigaran.
Kaparigelan penduduk
ngolah tatanen lain wungkul nyawah jeung ngahuma, sayuran, dikokolakeun pon
kitu deui widang lainna. Malahan sabagean gede penduduk Desa Pasigaran
kaahliana dina widang ngolah atawa ngeureut bako. Bisa disebutkeun Bako
ngarupakeun anu jadi ciri has Desa Pasigaran. Ku kaahlian ngeureut atawa ngolah
bako kasebut warga Pasigaran bias nyumponan hirup kahirupan sapopoena. Bako
hasil olahan urang Pasigaran pemasarana lain wungkul di wilayah local tapi nepi
ka regional boa nasional sigana mah.
Teu saeutik nonoman
atawa mahasiswa ti paguron luhur anu ngayakeun panalitian kanu bako ti
Pasigaran pikeun dijadikeun bahan pangaweruhna.
Sajaba titatanen
jeung ngolah bako karajinan jeung anu liana oge aya, anu paling euyeub widang
karajinan anyaman katut anu sejenan saperti karajinan keur cindera mata.
Desa Pasigaran luyu
jeung program-program pamarentahan teu tinggaleun oge terus bebenah ti mangsa
ngadeg nepi ka ayeuna mangpirang-pirang kagiatan pangwangunan dilaksanakeun.
Pangwangunan anu sipatna pisik jeung non pisik sairing sajalan babarengan
dilaksanakeun.
Anu pernah mingpin
Desa Pasigaran diantara : Bapa E. Kosim/Pejabat Sementara, Bapa U. Mulyadi/Kepala
Desa Depinitif, Bapa E. Suryana/Pejabat Sementara, Bapa Tjatjan WP/Kepala Desa
Depinitif, Ibu U. Sumiati/Kepala Desa Depinitif, Bapa Juheri/Pejabat Sementara
dugi ka Bapa T. Suardana/Kepala Desa Depinitif anu janten pupuhu ais pangampih Pamarentahan
Desa Pasigaran kiwari.
Desa Pasigaran
diwangun ku wilayah Kepala Dusun, Wilayah Rukun Warga jeung Wilayah Rukun
Tetangga. Aya 3 (tilu) Wilayah Dusun, 6 (genep) Wilayah RW jeung 32 (tilu puluh
dua) Wilayah RT.
Pamarentahan Desa Pasigaran
diwuwuh oge ku sasabaraha lembaga kemasyarakatan diantara : Organisasi Tim
Penggerak PKK, Organisasi/Lembaga Pemberdayaan Masarakat Desa (LPM), Organisasi
Linmas, Organisasi Majelis Ulama Indonesia (MUI), Organisasi Karang Taruna,
Organisasi/Paguyuban Seni Budaya, Sunda Buana jeung nu lian-lianna.
Dina ngajalankeun tugas
jeung kawajiban Kepala Desa teu leupas ti babadamian anu utamana jeung Badan
Permusyawaratan Desa (BPD) anu mangrupakeun Badan/Organisasi mitra Kepala Desa
dina Widang Pamarentahan, Pangwangunan , Kamasyarakatan jeung anu lain-lainna,
utamana dina nyusun jeung nyieun aturan-aturan desa.
Sapopoena
Pamarentahan Desa Pasigaran dilaksanakeun jeung dijalankeun di Kantor Desa Pasigaran
tempatna lumayan strategis aya di tengah-tengah wilayah desa teu jauh ti Jalan
Cijambu gampil ngajugjugna ku anu merlukeun.
Sok sanajan masih
keneh loba kakuranganana sarana atawa peralatan tapi pelayanan kabutuhan jeung
kapentingan warga bisa kacumponan sakumaha mistina.
Pagawe Desa Pasigaran
nikreuh bari ngeureuyeuh ngalaksanakeun program-program pamarentahan jeung
ngalayanan kapentingan warga saluyu jeung aturan-aturan anu geus ditangtukeun.
Sarana-sarana anu
jadi pendukung jalan pamarentahan diantara : Kantor Desa Pasigaran kondisina
permanen, Alat-alat/buku-buku administrasi jeung nulian-liana sanajan ngan ukur
aya mun ditingali dina segi jumlah jeung kualitasna estuning bisa disebutkeun
masih prihatin oge.
Di lingkungan Kantor
Desa dilengkepan oge ku Gedong Serba Guna , Kantor Bumdes jeung Poskesdes.
Rohangan-rohangan gawe geus masing-masing tempat sewang-sewangan.
Aset-aset desa sejena
anu jadi kakayaan desa : Tanah Kas Desa, Sarana Cai Beresih, GSG, Bumdes,
Kelompok Ekonomi ieu mangrupakeun kakayaan anu jadi andelan panghasilan desa,
sajaba ti seuweudaya masarakat.
Program-program
Pamarentah anu dilaksanakeun, anu datangna ti Pamarentah Pusat, Propinsi jeung
Kabupaten diantara : Program Pengembangan Kecamatan (PPK), Program Raksa Desa,
Program Pembangunan Infrastruktur Perdesaan (PPIP), Program Nasional
Pemberdayaan Masyarakat Mandiri Perkotaan (PNPM-MP), GNRHN, GRLK, Raskin, PKH,
Jamkesmas jeung bantuan langsung ka masyarakat/kelompok-kelompok masyarakat.
Dina widang atikan
atawa pendidikan sok sanajan ngan aya 1 (hiji) Sakola Dasar Gudang II, tapi teu
ngajadikeun kurangna sumanget diajar pikeun nyuprih pangarti, nungtut
pangaweruh. Rasa perhatian warga pikeun ngaronjatkeun widang atikan ieu
dibuktikeun ku nyieun Sakola Taman Kanak-kanak (TK) Al Danazar /Yayasan Al
Danazar, Kelompok Bermain/Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD), Kelompok Belajar
KF, Kelompok Belajar Paket B, KF berbasis Seni, KF berbasis Gender (PKBG) .
Masarakat Desa
Pasigaran kacida giakna dina ngadukung jeung ngalaksanakeun Program Pamarentah
Kabupaten Sumedang nyaeta Sumedang Puseur Budaya Sunda (SPBS). Dina Program
SPBS ieu Pamrentahan Desa jeung warga ngabentuk hiji wadah organisasi anu
ngawengku para seniman/seniwati, budayawan, tokoh adat, pangrajin, nonoman
jeung tokoh masarakat lainna. Organisasi na disebut Paguyuban Insun
Parahyangan, tujuanana : Pikeun miara jeung ngamumule sarta ngagali adat
istiadat, budaya , seni anu aya jeung biasa dilaksanakeun ku masarakat Desa
Pasigaran ngarupakeun titinggal karuhun anu turun tumurun.
PASIGARAN
Pasigaran ngalalakon makalangan.
Ayana antara bedeng jeung
tungturunan.
Sawah, palawija, tegal jeung huma
lahan garapan.
Industri pengolahan nu jadi andelan.
Gapura kahirupan dina widang
pertanian.
Aparat, rahayat sareundeuk saigel
babarengan.
Reog, dogdog, beluk, calung, kuda
renggong jeung jaipongan.
Alat hiburan tradisi karya para
seniman.
Ngalaksanakeun kawajiban ngamajukeun
pangwangunan.
onrohman@yahoo.com