Senin, 09 Januari 2012

Pasigaran



PASIGARAN
Alam endah…, alam parahyangan wewengkon pasundan.
Parentul gunung-gunung, ngemplak pasawahan paselang jeung pasir dipapaes wahangan jeung dataran sampalan.
Hirup kumbuh masarakat sunda anu someah hade kasemah bari gugon tuhon kukuh pengkuh kanu tetekon para karuhuna.
Dumasar kanu Surat Keputusan Bupati Kepala Daerah Tingkat II Sumedang Nomer : 140/SK/19 Pem/1983 tanggal 22 Januari 1983, mimiti medal ngadegna Desa Pasigaran Kecamatan Tanjungsari Kabupaten Sumedang mangrupakeun pamekaran ti Desa Gudang.
Desa Pasigaran perenahna sakalereun Ibu Kota Kecamatan Tanjungsari kurang leuwih 4 km. Wilayahna ngawengku ti Pasir Salam nepi ka Cikole  legana wilayah aya 284 hektar.
Wawatesanana :
Lebah kaler, Desa Kadakajaya
Lebah wetan, Desa Gudang jeung Desa Sukawangi
Lebah kidul, Desa Gudang jeung Desa Margaluyu
Lebah kulon, Desa Margaluyu jeung Desa Sukasari
Desa Pasigaran kaliwatan jalan anu jadi tatalimarga warga nyaeta Jalan Cijambu anu brasna ka Desa Kadakajaya jeung Desa Cijambu anu perenahna aya di suku Gunung Kadaka.
Wahangan anu ngaliwatan Desa Pasigaran nyaeta Wahangan Cipeles anu mangrupakeun  hulu wotan Walungan Cipeles nu meulah Kota Sumedang langsung ngagabung ka Cilutung . Wahangan Cigarut anu bras ka Wahangan Cisumengka ngarupakeun hulu wotan Wahangan Citarik tuluy nyambung ka Citarum.
Pasawahan, padumukan paselang lahan tegalan kebon lahan tatanen warga anu jadi sumber kahirupan, kebon awi ngemploh hejo mapaesan dibarengan ku lamping pasir lengkob jeung padataran.
Wewengkon kampung anu ngawengku Desa Pasigaran : Karanganyar, Talun, Lebak Peutag, Lebak Biru, Pasigaran, Babakan Tonjong, Jami, Tonjong, Cipulus jeung Pasir Salam ditambah Kampung Babakan Sukarasa pamekaran ti Kampung Jami margi rada-rada anggang kanu sejena.
Hawa rada-rada sedeng ngarupakeun hiji daya tarik pikeun bebetah di Pasigaran, kukamajuan pangwangunan anu dilaksanakeun cai beresih walatra kamanpaatkeun warga, ngemprayna caang lampu listrik nyaangan Pasigaran.
Kaparigelan penduduk ngolah tatanen lain wungkul nyawah jeung ngahuma, sayuran, dikokolakeun pon kitu deui widang lainna. Malahan sabagean gede penduduk Desa Pasigaran kaahliana dina widang ngolah atawa ngeureut bako. Bisa disebutkeun Bako ngarupakeun anu jadi ciri has Desa Pasigaran. Ku kaahlian ngeureut atawa ngolah bako kasebut warga Pasigaran bias nyumponan hirup kahirupan sapopoena. Bako hasil olahan urang Pasigaran pemasarana lain wungkul di wilayah local tapi nepi ka regional boa nasional sigana mah.
Teu saeutik nonoman atawa mahasiswa ti paguron luhur anu ngayakeun panalitian kanu bako ti Pasigaran pikeun dijadikeun bahan pangaweruhna.
Sajaba titatanen jeung ngolah bako karajinan jeung anu liana oge aya, anu paling euyeub widang karajinan anyaman katut anu sejenan saperti karajinan keur cindera mata.
Desa Pasigaran luyu jeung program-program pamarentahan teu tinggaleun oge terus bebenah ti mangsa ngadeg nepi ka ayeuna mangpirang-pirang kagiatan pangwangunan dilaksanakeun. Pangwangunan anu sipatna pisik jeung non pisik sairing sajalan babarengan dilaksanakeun.
Anu pernah mingpin Desa Pasigaran diantara : Bapa E. Kosim/Pejabat Sementara, Bapa U. Mulyadi/Kepala Desa Depinitif, Bapa E. Suryana/Pejabat Sementara, Bapa Tjatjan WP/Kepala Desa Depinitif, Ibu U. Sumiati/Kepala Desa Depinitif, Bapa Juheri/Pejabat Sementara dugi ka Bapa T. Suardana/Kepala Desa Depinitif  anu janten pupuhu ais pangampih Pamarentahan Desa Pasigaran kiwari.
Desa Pasigaran diwangun ku wilayah Kepala Dusun, Wilayah Rukun Warga jeung Wilayah Rukun Tetangga. Aya 3 (tilu) Wilayah Dusun, 6 (genep) Wilayah RW jeung 32 (tilu puluh dua) Wilayah RT.
Pamarentahan Desa Pasigaran diwuwuh oge ku sasabaraha lembaga kemasyarakatan diantara : Organisasi Tim Penggerak PKK, Organisasi/Lembaga Pemberdayaan Masarakat Desa (LPM), Organisasi Linmas, Organisasi Majelis Ulama Indonesia (MUI), Organisasi Karang Taruna, Organisasi/Paguyuban Seni Budaya, Sunda Buana jeung nu lian-lianna.
Dina ngajalankeun tugas jeung kawajiban Kepala Desa teu leupas ti babadamian anu utamana jeung Badan Permusyawaratan Desa (BPD) anu mangrupakeun Badan/Organisasi mitra Kepala Desa dina Widang Pamarentahan, Pangwangunan , Kamasyarakatan jeung anu lain-lainna, utamana dina nyusun jeung nyieun aturan-aturan desa.
Sapopoena Pamarentahan Desa Pasigaran dilaksanakeun jeung dijalankeun di Kantor Desa Pasigaran tempatna lumayan strategis aya di tengah-tengah wilayah desa teu jauh ti Jalan Cijambu gampil ngajugjugna ku anu merlukeun.
Sok sanajan masih keneh loba kakuranganana sarana atawa peralatan tapi pelayanan kabutuhan jeung kapentingan warga bisa kacumponan sakumaha mistina.
Pagawe Desa Pasigaran nikreuh bari ngeureuyeuh ngalaksanakeun program-program pamarentahan jeung ngalayanan kapentingan warga saluyu jeung aturan-aturan anu geus ditangtukeun.
Sarana-sarana anu jadi pendukung jalan pamarentahan diantara : Kantor Desa Pasigaran kondisina permanen, Alat-alat/buku-buku administrasi jeung nulian-liana sanajan ngan ukur aya mun ditingali dina segi jumlah jeung kualitasna estuning bisa disebutkeun masih prihatin oge.
Di lingkungan Kantor Desa dilengkepan oge ku Gedong Serba Guna , Kantor Bumdes jeung Poskesdes. Rohangan-rohangan gawe geus masing-masing tempat sewang-sewangan.
Aset-aset desa sejena anu jadi kakayaan desa : Tanah Kas Desa, Sarana Cai Beresih, GSG, Bumdes, Kelompok Ekonomi ieu mangrupakeun kakayaan anu jadi andelan panghasilan desa, sajaba ti seuweudaya masarakat.
Program-program Pamarentah anu dilaksanakeun, anu datangna ti Pamarentah Pusat, Propinsi jeung Kabupaten diantara : Program Pengembangan Kecamatan (PPK), Program Raksa Desa, Program Pembangunan Infrastruktur Perdesaan (PPIP), Program Nasional Pemberdayaan Masyarakat Mandiri Perkotaan (PNPM-MP), GNRHN, GRLK, Raskin, PKH, Jamkesmas jeung bantuan langsung ka masyarakat/kelompok-kelompok masyarakat.
Dina widang atikan atawa pendidikan sok sanajan ngan aya 1 (hiji) Sakola Dasar Gudang II, tapi teu ngajadikeun kurangna sumanget diajar pikeun nyuprih pangarti, nungtut pangaweruh. Rasa perhatian warga pikeun ngaronjatkeun widang atikan ieu dibuktikeun ku nyieun Sakola Taman Kanak-kanak (TK) Al Danazar /Yayasan Al Danazar, Kelompok Bermain/Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD), Kelompok Belajar KF, Kelompok Belajar Paket B, KF berbasis Seni, KF berbasis Gender (PKBG) .
Masarakat Desa Pasigaran kacida giakna dina ngadukung jeung ngalaksanakeun Program Pamarentah Kabupaten Sumedang nyaeta Sumedang Puseur Budaya Sunda (SPBS). Dina Program SPBS ieu Pamrentahan Desa jeung warga ngabentuk hiji wadah organisasi anu ngawengku para seniman/seniwati, budayawan, tokoh adat, pangrajin, nonoman jeung tokoh masarakat lainna. Organisasi na disebut Paguyuban Insun Parahyangan, tujuanana : Pikeun miara jeung ngamumule sarta ngagali adat istiadat, budaya , seni anu aya jeung biasa dilaksanakeun ku masarakat Desa Pasigaran ngarupakeun titinggal karuhun anu turun tumurun.







PASIGARAN
Pasigaran ngalalakon makalangan.
Ayana antara bedeng jeung tungturunan.
Sawah, palawija, tegal jeung huma lahan garapan.
Industri pengolahan nu jadi andelan.
Gapura kahirupan dina widang pertanian.
Aparat, rahayat sareundeuk saigel babarengan.
Reog, dogdog, beluk, calung, kuda renggong jeung jaipongan.
Alat hiburan tradisi karya para seniman.
Ngalaksanakeun kawajiban ngamajukeun pangwangunan.

onrohman@yahoo.com